Jampe-jampe Harupat

Sok emut keneh waktos kuring masih janten mahasiswa di Bogor, teras wangsul ka lembur, harita teh pun Aki almarhum -wastana Mas Baom Darmadja- sok manggil. Saurna sok sono nya bari miwarang mencetan salirana. Tah disela-selana, anjeunna sok miwarang ngapalkeun “kalimah-kalimah atanapi jampe-jampe” (Panginten sarupi sareng Jangjawokan kitu?) nu intina mah mun diamalkeun janten matih, tiasa maparin kanugaran saurna teh (wallahualam [...]

Katumiri

 
“Katumiri nutug leuwi…
pitanda widadari turun ti kayangan
galumbira rek sowan ka alam dunya
nu kiwari pinuh ku bencana
Naha manusa teh meni deleka
leuweung dibabadan, situ disaeuran?
taneuh garing nyalangsara
tatangkalan ngarangrangan

Nyakclak cisoca…
Katumiri dina sanubari
ngan saukur impenan
kuring kageuing ku polah manusa
ngusir widadari nu rek marandi”